Tuesday, March 01, 2011

Kabayan Ngala Nangka


Antara anak-anak Mamang Kardana, kawasna da Sang Kabayan pangtambarakanana. Tah, basa Sang Kabayan Salasa ka Babakan Pakandangan, ka pamanna padahal kakara sasarap, sadatang-datang ka pamanna, nanya. "Mang, aya nangka?" Jawab pamanna, "Aya Kabayan. Asana mah, na dahan pang handapna."
Sang Kabayan kalacat kana tangkal nangka, mapay-mapay dahan handap. Aya haphap harayap kana calanana. Sang Kabayan ragrag, blak nangkarak. Pamanna datang, ka Sang Kabayan nanya, "Na Kabayan tatangkarakan, mamawa dahan nangka?" Calana Sang Kabayan rada ka handap da..............kababayan.
Ti: buku "Gelenyu", kumpulan dongéng lulucon, karangan R. Ijeng Wiraputra, panerbit Tarate Bandung, 1980
Gambar Kabayan: karawang.info

Labels: , , ,

2 Comments:

Blogger Fay said...

coba, bisa gak ya komen di sini,,,

7:47 AM  
Blogger Tian Arief said...

Sekarang bisa komen dengan gampang. Tanpa moderasi, tanpa verifikasi. :)

10:29 AM  

Post a Comment

<< Home